NADOMAN (Basa Sunda)

Karya bersama santri: Al-Mujahidin, Dadaha, Kota Tasikmalaya


Assalamualaikum warohmatullohilakum 
Ilajami’imalikum wabarokatuhulakum 

Para wargi para ikhwan
Ku abdi nu tiluan
Bade ngaoskeun nadoman
Tentang penting pangajian

      Para santri para wargi
      Omat lamun eukeur ngaji
      Sing perhatikeun kiyayi
      Ulah kalah ngorek ceuli

Sabab ngaos teh pitulung
Supaya urang teu linglung
Boga elmu tangtu untung
Sangkan urang teu adigung

            Cara anu maca quran
            tapi henteu di tajwidan
            macana bari nundutan
            gadona undut-undutan

Teu cara mun nonton tivi
Sepak bola atau voli
Ninggalna meuni taliti
Apal artis hiji hiji

              Ieu zaman lucu isan
              Jalmi leuwih resep dandan
              Batan angkat ka pangaosan
              Ngagidig isin-isinan

Pami angkat ka festipal
Palami lami jeung awal
Ngaos mah uihna engal
Dasarna bujur aseupan
 
                Kacarita di hiji desa
                Masjid aheng jeung lalega
                Molompong euweh eusina
                Tinggal aki-aki dua

Sedengkeun jalma nu kafir
Henteu ngutamakeun ulin
Kana di ajarna rajin
Pikeun ngahancurkeun mukmin

            Pek kumaha ngalawana
            Sedeng duit henteu boga
            Nyakitu deui senjata
            Komo teu bisa nyieuna

Sedeng mun kafir ngaraja
Pasti ngaruksak agama
Moal lila hujan siksa
Eta kiamat ngarana

           Sabab kitu bapak bapak
           Salagi mampumah beunta
           Tinggal budak jeung istrina
           Pariksa bacaan solatna

Sabab lamun henteu kitu
Solat siga hayam nyatu
Siksa dina naraka tangtu
Oray macok kana hulu

                Sabab kitu dulur dulur 
                 Saislam saiman akur 
                  Hayu ngaji hayu tafakur 
                 Quran hadis masing masyhur

Sakitu bae nadoman
Mugi janten perhatosan
Nu saena yuk candakan
Banyolana mah liburan


(((((catatan kecil, Imtihan 2013)))))

Komentar

  1. :D kurang tau saya sama bahasa sunda :) .

    BalasHapus
  2. selamat mengenal ^^ terimakasih telah berkunjung :)

    BalasHapus
  3. nganggo bahar naon yeu nadzom na

    BalasHapus
  4. bayu noer:
    ceritana mah basa sunda, hehehe tapi masih amburadull, maklum dibikin anak-anak rame rame :)

    BalasHapus
  5. terimakasih, kang husni. jangan bosan buat berkunjung dan ngasih masukan konstruktifnya. ^^ salam pembelajar!

    BalasHapus
  6. mantap (y) tapi palebah
    " Sabab ngaos teh pitulung
    Supaya urang teu linglung
    Boga elmu tangtu untung"

    upami di nadzomken asa kurang satengah bait

    BalasHapus
  7. Mohon maaf baru bisa balas :) buat pak 'Abdurrahman, iya memang kurang, hehe. saya senang anda bisa ngasih masukan gimana kira-kira bunyi baris pelengkap bait itu. Ditunggu ya, :D
    Satu lagi, MDT Alasnawiyyah, saya bahkan bingung ngejawabnya gimana nih. -_- bahar itu apa ya? silahkan beri masukan nya ya teman, ini karya saya sudah lama sekali, dengan perhatian dari antum semua rasanya karya ini tak jadi mati. Jazakumullahu khairan katsirran :)

    BalasHapus
  8. Assalamu'alaikum.... Salam kenal bu...
    Abdi teh tos lami milarian nadoman bahasa Sunda, nembe pisan iyeu kapendak. Ku abdi bade di angge nadoman di lembur... wios bu??? Hatur Nuhun....

    BalasHapus
    Balasan
    1. Wa'alaykumussalam, Alhamdulillah. Mudah-mudahan bermanfaat, baarokallohu fiikum. ^^

      Hapus
  9. nadhom ieu teh kumaha lagamna??

    BalasHapus
  10. Nabi urang sadayana
    Kanjeng nabi anu mulya
    Muhamad jenenganana
    Arab qures sabangsana

    Nu diluhur lagam na kumaha tah ,, ukur 3 bait 3 bait

    BalasHapus
  11. Mantap. izin share yah...:D

    cocok teu ngalengkapak bait ieu
    " Sabab ngaos teh pitulung
    Supaya urang teu linglung
    Boga elmu tangtu untung"

    nganggo ieu???
    "sangkan akhlak teu adigung"

    BalasHapus
  12. Terimakasih 😊

    BalasHapus
  13. Nyuhunken widana bilih iyenadoman di anggo ku simkuring di lembur mugia sing manfaat

    BalasHapus
    Balasan
    1. Alhamdulillah, silahkan. Baarokallahu fikum.

      Hapus
  14. Asslmkm mhon ijin amalkeun ka wargi2 dilembur sareng dimana waeπŸ™πŸ™πŸ™πŸ™

    BalasHapus
  15. Assalamu'alaikum ibu izin copas ya... Terima kasih

    BalasHapus
  16. Alhamdulillah tiasa di share ieu?

    BalasHapus
  17. Assalamualaikum ibu punteun nadoman na ku Abi di anggo kanggo ngahibur masyarakat lemburπŸ˜πŸ™

    BalasHapus

Posting Komentar

Terimakasih atas kunjungannya, semoga bermanfaat.